Monday, February 26, 2007

Kasenangan keur Leutik

Teu karasa kuring ayeuna geus nincak 22 taun. Dina umur nu sakieu sakapeung kuring sok inget lamun keur leutik. Lamun kuring keur leutik loba pisan kaulinan anu matak kuring senang, da lamun dirasa-rasa kasenangan éta téh teu bisa dirasakeun deui. Sanajan ayeuna kaulinan budak saperti Play Station, da ceuk kuring mah tetep moal bisa nandingan karesep basa kuring leutik baheula. Makana kuring sok rada prihatin lamun ningali budak ayeuna anu leuwih mikaresep kaulinan saperti PS anu loba pisan dampak goréngna.Di handap ieu aya kaulinan anu dicobaan diinget-inget, jeung sabisa-bisa dideskripsikeun. Mudah-mudahan ieu bisa ngobatan karinduan kuring atawa nu maca tulisan ieu ka jaman keur leutik baheula.
Ucing Sumput
Ucing sumput mangrupa salah sahiji kaulinan barudak anu kamashur di tatar sunda. Kaulinan ieu dilakukeun ku cara néangan anu nyumput sedengkeun saurang jadi ucing. Ucing biasana boga gul (biasana mangrupa tangkal atawa tihang). Ucing teu meunang ningali alias meungpeun dina gul waktu para pamaén nyumput. Kabéh nu nyumput kudu kapanggih. Lamun ucing nempo hiji pamaén, ucing biasana ngomong hong si…. (contona hong si andi, hong si budi). Umpamana kabéh pamaén geus kapanggih. Saha anu kanyahoan pangheulana éta kudu jadi ucing.Ucing tong cicing baé dina gulna tapi kudu nyaba ka sakulibek tempat anu geus ditangtukeun anu jadi tempat panyumputan, pamaén teu kaci lamun nyumput diluar tempat anu geus ditangtukeun. Sabalikna, pamaén ogé ulah cicing baé dina panyumputan, tapi kudu aya usaha pikeun ngarebut gul lamun ucing keur langah atawa nyaba. Biasana lamun pamaén tara aya nu némbongan baé ucing sok ngagorowok “némbongan atuh euy….”, pamaén ogé sok ngagorowok “nyaba atuh euy….” Lamun ucing ngan cicing waé dina gul. Atawa lamun keur marengan nyumput babarengan kabeh pamaén sok ngomong “didieu kabeh…..” hal éta anu pastina geus mancing ucing pikeun kaluar tina gulna.Ucing kapaksa kudu meungpeun deui lamun gulna karebut ku pamaén lain. Lamun geus tilu kali gul karebut baé, pamaén atawa ucing anu deukeut gul biasana sok raéng ngomong “Tilu kali…..tilu kali……tilu kali…..” ngabéjaan pamaén anu masih kénéh nyumput yén gul geus karebut tilu kali. Sakabeh palaku kudu gura-geru pahareup-hareup, patétéép, padeukeut-deukeut jeung ucing. Anu lémbon mah biasana sok pangtukangna. Geus sakabéh pamaén aya, salah saurang pamaén sok nanya ka ucing, saha pangtukangna? Lamun jawaban ucing bener, anu pangtukangna éta kudu jadi ucing. Sedengkeun lamun salah, dibérékasempetan dua kali deui, lamun masih keneh salah kapaksa ucing kudu meungpeun deui, ari pamén nu lain mah geugeuwatan pada nyumput.